Saseka ngajunjung seni (Saseka ngajunjung seni)
Senina budaya asli (senina budaya asli)
Warisan karuhun urang (warisan karuhun urang)
Ti bihari ka kiwari
Senina mawa nyari, budayana mawa bangga
Wanojana mawa komara, nonomana gararandang makalangan
Saseka ngarojong seni (Saseka ngarojong seni)
Seniman seniwati (seniman jeung seniwati)
Pancenna anu pasti (pancenna teh anu pasti)
Midangkeun seni tradisi
Gelik sora suling na, dipirig ku kacapina
Golempang sora kendang na, goong na handaruan matak waas..









